Senin, 18 Maret 2013

Teu Wasa

Gap, leungeunna nyagap duit dina laci brangkas. Meug, hatena ngaheneg, ras inget yen eta duit lain hak manehna. Tapi ras inget deui pamajikan di imah gede beuteung, bulan alaeun. Keur nungguan manehna neangan duit biaya ngalahirkeun budak kahijina.
Kesang badag kesang lembut ngagarajag maseuhan tarang jeung tonggongna. Saawak awak ngadegdeg ciga panggih jeung jurig jarian.
Duh kudu kumaha pilampaheun. Teu wasa. Bari panon bathin inget kanu di imah tapi panon dzahir mencrong kana duit.

bandung, 8 september 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar