Senin, 18 Maret 2013

URBAN

"Ma lapar...!!" ceuk si cikal bari memetot baju. Si bungsu dina aisan kuring jongjon sare tibra, katirisan. Angin peuting nyelecep nepi kana tulang. Nyampurnakeun pisan nalangsana hate tunggara. Ras pikiran ngalayang ka lembur, eusi imah paburantak diacak gorombolan. Teuing kunaon, salaki dibawa, duka kamana. Ayeuna ngalengkah neangan pangupa jiwa, mapay emperan toko, neangan sih piwelas. Langit mongkleng marengan katunggaraan. 

bandung, 27 Juni 2012 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar